2 Raja-raja 25
Sidkia baha ka Raja Nebukadnesar. Ku sabab eta dina tanggal sapuluh bulan sapuluh taun kasalapan Sidkia ngarajaan, Raja Nebukadnesar ti Babul nyandak baladna nempuh Yerusalem. Baladna masanggrahan di luareun nagara tuluy nyarieun benteng, Yerusalem ditingker sakurilingna.
Ari ditingkerna nepi ka taun sawelas Sidkia jadi raja.
Dina tanggal salapan bulan opat taun eta, keur meujeuhna nagara geus teu boga pisan dahareun,
kuta nagara bedah. Ari prajurit-prajurit, sakitu ku balad Babul ditingker sakurilingna teu burung barisa molos kalabur sapeupeuting, jalanna ka kebon raja ngaliwat gapura anu brasna ka jalan anu kahapit ku dua kuta, terus kalabur ka Lebak Yordan.
Tapi diudag ku balad Babul. Raja Sidkia kasusul di tanah lapang di wewengkon Yeriho, ditaringgalkeun ku baladna.
Sidkia dicerek dibawa ka Ribla, dijogokeun ka Raja Nebukadnesar. Ku Raja Nebukadnesar dihukum.
Putra-putrana dipeuncitan sina disaksian ku anjeunna. Sidkia ku Nebukadnesar dicokel socana, tuluy dirante jeung dibawa ka Babul.
Dina tanggal tujuh bulan lima taun kasalapan belas Raja Nebukadnesar ngarajaan nagara Babul, Nebusaradan anu pangkatna juru nasehat raja jeung panglima perang, datang ka Yerusalem.
Bait Allah, karaton, kitu deui imah jelema-jelema anu parenting di Yerusalem ku manehna beak dihuru.
Ari kuta-kuta Yerusalem dibongkar ku serdadu-serdaduna.
Rahayat anu kari keneh di eta nagara, patukangan-patukangan sakarina, jeung jalma-jalma anu geus barelot ka urang Babul, ku Nebusaradan dikerid ka Babul.
Anu ditinggalkeun di Yuda ngan jelema-jelema anu pangmariskinna, anu teu baroga naon-naon, dititah digarawe di kebon-kebon anggur jeung ngolah tanah.
Tihang-tihang tambaga, padati-padati anu di Bait Allah, jeung tatalagaan tambaga, ku urang Babul diruksak diparotongan, tambagana diakut ka Babul.
Malah sodok-sodok, wadah-wadah lebu paragi ngagosokan altar, pakakas paragi ngurus lampu-lampu, wadah-wadah paragi nandean getih sato kurban, parukuyan-parukuyan katut paparabotan tina tambaga paranti upacara ibadah, kabeh diakut.
Barang-barang tina emas atawa perak, jeung pinggan-pinggan laleutik katut piring-piring wadah ruhak teu dikarikeun, kabeh diakut.
Barang-barang tina tambaga beunang Raja Suleman ngadamel pikeun Bait Allah, nya eta pilar anu dua, padati-padati, jeung tatalagaan, lamun tambagana ditimbang geus moal bisa katimbang ku loba-lobana.
Pilar anu dua tea ukuranana sarua, masing-masing luhurna dalapan meter, dina pucukna make mamakutaan tina tambaga keneh anu jangkungna masing-masing sameter tilu puluh senti, tur eta mamakutaan teh masing-masing dihias sakurilingna ku dadalimaan tina tambaga keneh.
Sanggeus kitu eta panglima Nebusaradan teh nangkep Imam Agung Seraya, Sepanya imam kadua, jeung tilu urang gegeden Bait Allah.
Ari ti kota anu ditangkep teh nya eta hiji kapala anu nyangking pasukan-pasukan, lima urang juru nasehat raja anu araya keneh di kota, hiji pangbantu panglima purah ngasup-ngasupkeun rahayat jadi prajurit, jeung genep puluh urang deui jalma-jalma anu parenting.
Kabeh ku Nebusaradan dibawa ka raja Babul anu keur calik di Ribla,
di wewengkon nagara Hamat. Eta jelema-jelema ku raja Babul disiksa di dinya tuluy kabeh dipaehan. Jadi urang Yuda teh dieuweuhkeun ti tanahna, dikerid ka pangboyongan.
Sanggeusing kitu Nebukadnesar raja Babul ngangkat Gedalya bin Ahikam incu Sapan jadi gupernur nagara Yuda, sina nguruskeun jelema-jelema anu henteu diboyong ka Babul.
Barang hal eta kadarengeeun ku para perwira jeung para prajurit anu henteu taraluk ka urang Babul, seug maranehna narepungan Gedalya di Mispa. Eta perwira-perwira teh nya eta Ismail bin Netanya, Yohanan bin Kareah, Seraya bin Tanhumet ti Netopa, jeung Yaasanya ti Maaka.
Saur Gedalya ka maranehna, "Aranjeun teu kudu sieun ku ponggawa-ponggawa urang Babul, sing jarongjon di ieu tanah, kaula nanggung aranjeun salamet asal kersa kumawula ka raja Babul."
Tapi dina bulan katujuh taun eta, Ismail bin Netanya incu Elisama anu kaasup kulawarga raja, datang ka Mispa jeung baturna sapuluh urang, maehan Gedalya, kitu deui urang Israil jeung urang Babul anu harita keur araya di Gedalya, diparaehan.
Geus kitu sakabeh urang Israil, anu beunghar, anu miskin, nyalingkir ti dinya jeung panglima-panglima pasukan tea, kalabur ka Mesir, sabab sarieuneun dibales ku urang Babul.
Sanggeus raja Babul diganti ku Ewil Merodak, Yoyakin raja Yuda ku eta raja dikaluarkeun ti panjara, sabab karunyaeun. Dikaluarkeunana dina tanggal dua puluh tujuh bulan dua belas, nincak kana tilu puluh tujuh taunna Raja Yoyakin aya di pangboyongan.
Ewil Merodak kacida darehdehna ka anjeunna, nepi ka maparin kalungguhan anu mulya, leuwih mulya ti batan kalungguhan anu dilelerkeun ka raja-raja boyongan lianna anu papada diboyong ka Babul.
Anggoanana ti panjara disalin, sarta saumur-umur tara towong tuang sameja jeung raja,
tur kaperluan anjeunna sapopoe salawasna dicukup.